WILUJENG SUMPING


WILUJENG SUMPING
...................................................................................................................
PUSEUR KAWERUH GAPURANING RAHAYU SETRANING LINUWIH



Kamis, 08 April 2010

PANGAJARAN BASA SUNDA

Pupuh

1. Asmarandana

Mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, jeung nyaah.
Conto tembang

Éling-éling mangka éling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan baé
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan

2. Balakbak

Mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
Conto tembang

Aya warung sisi jalan ramé pisan; citaméng
Awéwéna luas luis geulis pisan; ngagoréng
Lalakina-lalakina los ka pipir nyoo monyét; nyanggéréng

3. Dangdanggula

Mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumbiraan.
Conto tembang

Mega beureum surupna geus burit
Ngalanglayung panas pipikiran
Cikur jangkung jahé konéng
Naha teu palay tepung
Sim abdi mah ngabeunying leutik
Ari ras cimataan
Gedong tengah laut
Ulah kapalang nya béla
Paripaos gunting pameulahan gambir
Kacipta salamina

4. Durma

Mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.
Conto tembang

Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus dipasti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Heunteu niat seja balik
Najan palastra
Mati di médan jurit

5. Gambuh

Mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
Conto tembang

Ngahuleng banget bingung
Heunteu terang kamana nya indit
Turug-turug harita téh, enggeus burit
Panonpoé geus rék surup
Keueung sieun, aya méong

6. Gurisa

Mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
Conto tembang

Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rék ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rék meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rék buru-buru mulang
Rék terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang

7. Jurudemung

Mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
Conto tembang

Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning anu agung
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti panggih
Geus pinasti
Geus pinasti panggih
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung

8. Pupuh Kinanti

Mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.
Conto tembang

Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Néangan nu amis-amis
Sarupaning bungbuahan
Naon baé nu kapanggih

9. Lambang

Mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunna.
Conto tembang

Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rék didahar da teu halal

10. Magatru

Mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
Conto tembang

Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung
Kopo reujeung Cisondari, Cicaléngka, Ujung Berung
Rajamandala, Cimahi
Lélés, Limbangan, Tarogong

11. Maskumambang

Mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.

Conto tembang

Héy manusa mana kaniaya teuing
Teu aya rasrasan
Kawula maké disumpit
Naha naon dosa kula

12. Mijil

Mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.

Conto tembang

Mesat ngapung putra Sang Arimbi
Jeung méga geus awor
Beuki lila beuki luhur baé
Larak-lirik ninggali ka bumi
Milari sang rai
Pangéran Bimanyu

13. Pangkur

Mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.

Conto tembang

Seja nyaba ngalalana
Ngitung lembur ngajajah milangan kori
Heunteu puguh nu dijugjug
Balik paman sadaya
Nu timana tiluan semu rarusuh
Lurah bégal ngawalonan
Aing ngaran Jayapati

14. Pucung

Mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju haté.

Conto tembang

Lutung buntung luncat kana tunggul gintung
Monyét loréng leupas luncat kana pager déngdék
Bajing kuning jaralang belang buntutna

15. Sinom

Mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.

Conto tembang

Warna-warna lauk émpang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ninggali
Warnaning lauk cai
Lalawak pating suruwuk
Sepat pating karocépat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing, sisi balungbang

16. Wirangrong

Mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.

Conto tembang

Barudak mangka ngalarti
Ulah rék kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut élmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun saréréa
Modal bakti ka nagara

17. Ladrang

Mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.

Conto tembang

Aya hiji rupa sato leutik
Éngkang-éngkang, Éngkang-éngkang
Sok luluncatan di cai
Ari bangun arék sarupa jeung lancah
Coba teguh masing telik
Éta gambar sidik-sidik
Sato naon kitu wanda
Reujeung dimana ayana

Gaya Basa

Gaya basa nya éta corak éksprési basa boh dina prosa boh puisi, atawa cara kumaha ku pangarang dina ngagunakeun omongan (Iskandarwassid, 2003: 44). Gelarna gaya basa téh raket patalina jeung suasana kajiwaan nu maké basa, ku kituna gaya basa nu dipaké bisa ngagambarkeun suasana kajiwaan panyajak.

Sudaryat (2003: 124) ngabagi gundukan gaya basa, saperti nu dipertélakeun di handap ieu:

1) Ngumpamakeun (simile), nya éta gaya basa nu ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjén nu sipatna nembrak.
Contona: Kawas gaang katincak

2) Mijalma (personifikasi), nya éta gaya basa anu ngabandingkeun barang-barang cicing (teu nyawaan) disaruakeun jeung barang anu nyawaan saperti jalma.

Contona: Gunung siga nu milu nguyung, lebak siga nu milu susah.

3) Ocon (metonomia), nya éta gaya basa anu ngagunakeun kecap ngaran salasahiji barang pikeun nyebut barang séjén anu aya patalina sacara logis.
Contona: Jang, pangmeulikeun Gudang garam!

4) Ngasor (litotes), nya éta rakitan basa anu dipaké pikeun ngarendahkeun diri, tandaning sopan atawa handap asor.
Contona: Ah gaduh tanah ogé ngan satapak peucang.

5) Rautan (eufimismeu), nya éta rakitan basa anu ngandung maksud ngomah-ngomahan haté batur sangkan henteu nyentug teuing karasana.
Contona : Indung bapana geus mulih ka jati mulang ka asal (maot)

6) Lalandian (metafora), nya éta gaya basa anu ngébréhkeun hiji hal ngaliwatan babandingan ku cara méré panglandi.
Contona: Leumpangna ngembang sampeu (dingdet).

7) Raguman (sinekdok) nya éta rakitan basa anu ngébréhkeun rupa-rupa hal dihijikeun, disawadahkeun, atawa disabeungkeutkeun. Raguman dibagi dua:


7a. Hurunan (totem pro parto), nya éta rakitan basa anu nyebut sagemblengna (sakumna) padahal anu dimaksud mah salasaurang, sahiji, sawaréh.
Contona : Barudak SMA 2 keur diadu maén bal jeung barudak SMA 3
(anu maraén bal mah ngan 22 urang, lain sajumlahna murid SMA 2 jeung SMA 3).

7b. Tunggalan (pars pro toto) nya éta rakitan basa anu nyebut sahiji atawa sabagéan padahal maksudna mah sakabéhna.
Contona: Raja baheula kudu diriung ku gelung, digéndeng-géndeng ku cangkéng (anu dimaksud lain diriung ku gelung jeung cangkéng tapi ku awéwé geulis).

8) Rarahulan (hiperbol), nya éta rakitan basa anu gunana pikeun ngayakinkeun anu séjén, bakating hayang dipercaya omonganana kaleuleuwihi.
Contona: Sawahna satungtung deuleu.

9) Kadalon (pleonasmeu), nya éta rakitan basa anu ngagunakeun kecap-kecap pikeun ngébréhkeun maksud leuwih ti mistina.
Contona: Anakna kembar sapasang.


10) Ébrehan (peripraseu), nya éta rakitan basa anu ngébréhkeun gawéna, gunana kaayaan hiji barang, jst, tapi ari nu dimaksud mah nya éta barang nu kaancikan (kayaan, gawé, atawa gunana) anu disebut téa.
Contona: Puputon sekar kadaton (putri)

11) Kahanan, nya éta rakitan basa anu ngébréhkeun kahanan, sipat, ciri anu husus atawa barang.
Contona: Raja leuweung pikeun nyebut maung

12) Silib (alegori), eusina dibalibirkeun, tujuanna sangkan anu diajak nyarita henteu éraeun atawa kasigeung haténa.
Gaya basa sindir aya tilu rupa, nya éta:


12a. Ngomong dua (ironi) nu omonganana sabalikna tina maksudna.
Contona: Naha jang datang téh subuh-subuh teuing? (kabeurangan)

12b. Nomong seukeut (sinismeu) nu eusina nyawad ku jalan lemes.
Contona: Teu sangka getol geuning putra ibu téh (kedul).

12c. Nyungkun (sarkasmeu), eusina nyawad atawa ngawada.
Contona: Béakeun dahareun téh kabéh, kajeun batur mah teu kabagéan ogé.

Dicutat tina Skripsi Eka Herianto

Ngaran Patempatan

alun-alun tanah lapang di hareupeun kabupatén, kawadanaan, jsté.
babakan lembur anyar; ngababakan, nyieun lembur anyar.
babaladon kotakan leutik anu pernahna di bagian tanah sésémpéran; di sawaréh tempat disebut ogé baladoan.
babantar bagian walungan nu ngocorna leuwih tarik. Disebut ogé parung.
balungbang kamalir gedé sarta rada jero tadah cileuncang.
bangawan walungan nu kacida gedéna.
basisir sisi tanah (keusik) nu adek ka laut.
bojong/bobojong tanah anu nyodor ka cai (walungan, talaga, laut); jojontor, jajirah.
bubulak sarupa tegalan, tanah nu pinuh ku jukut nu aya di lamping atawa di pasir.
bungin pulo di muara walungan. Disebut ogé délta.
dayeuh kota, nya éta ibukota nagara propinsi atawa kabupatén, bisa ogé hartina lembur pamatuhan.
dungus gundukan tatangkalan laleutik nu rada rembet (di leuweung). Disebut ogé rungkun atawa ruyuk.
émpang balong atawa kulah gedé (lega).
galengan tambakan leutik (ngagaleng manjang) ngawangun kotakan sawah.
gawir sisi jurang, tanah anu mudunna nyuksruk atawa sisi tanah anu lungkawing.
girang tempat jol ngocorna cai: cai ngocorna ti girang ka hilir.
gunung tanah anu munjukul kacida luhurna, saluhureun pasir, biasana luhurna leuwih ti 600 méter.
hilir tempat nu dituju ku cai nu ngocor lantaran leuwih handap, sabalikna tina girang.
hulu cai/sirah cai tempat kaluar cinyusu nu engkéna jadi walungan.
huma tanah darat nu dipelakan paré teu dikocoran cai (ngandelkeun cai hujan), di sisina sok dipelakan palawija.
hunyur taneuh nu munjukul siga imah rinyuh di tegal atawa dina tetelar; imah rinyuh.
jajirah bagian tanah daratan nu méh kakurilingan ku laut (méh mangrupa pulo).
jami huma tipar, robahan tina jarami; geus rumpak jami, geus réngsé panén di sawah.
jojontor tanah nu nyodor ka cai, leuwih panjang ti batan tanjung; bobojong.
jungkrang/jurang bagian tanah anu legokna jero sarta sisi-sisina gurawés.
kabuyutan tempat anu dianggap karamat, patilasan jaman baheula.
karéés sisi walungan nu réa keusikan minangka kikisik; cadas.
kebon tanah darat nu dipelakan rupa-rupa pepelakan saperti bungbuahan, palawija, jeung sarupaning ti éta.
kikisik sisi laut nu mayat sarta keusikan.
kuburan tanah tempat ngubur mayit; makam, astana.
kulah balong leutik, tempat miara lauk. Mangrupa cai ngemplang dina tanah beunang ngali.
lamping bagian gunung atawa pasir antara puncak jeung tutuganana; bagian gunung luhureun tutugan atawa sukuna.
landeuh tempat anu leuwih handap ti tempat urang, sabalikna tina tonggoh (tempat, pakarangan atawa jalan anu leuwih luhur).
laut bagian dunya nu dieusi cai asin, sarta nu misahkeun daratan jeung daratan; sagara.
lebak tempat nu leuwih handap ti batan tempat urang cicing, sabalikna tina tonggoh; landeuh.
legok tempat nu rada handap ti tempat nu aya di sakurilingeunana.
legon bagian basisir anu ngelok ka darat, sarupa teluk ngan leuwih leutik.
lembur kampung di luar kota, padumukan jelema nu diwangun ku sababaraha imah.
léngkob tempat anu legok antara dua lamping.
leuweung tempat lega atawa wewengkon nu pinuh ku kakayon (tatangkalan) sarta teu dipaké matuh ku jelema. Kajaba ti nu ngajaga, biasana panonoban sato jarah.
leuweung geledegan leuweung anu sakuriling bungking pinuh ku rupa-rupa kakayon sarta teu kasaba ku manusa iwal sarupaning sasatoan.
leuweung gerot leuweung geledegan, leuweung gedé.
leuweung ganggong simagonggong leuweung nu kaayaanana geueuman, pikasieuneun.
leuweung larangan/tutupan leuweung nu teu meunang diganggu boh sasatoanana boh tutuwuhanana.
leuweung luwang-liwung leuweung geledegan nu teu kasaba ku jelema.
leuwi[b/] babagian walungan nu rada jero tur biasana rada rubak.
[b]mandala daérah, wilayah lembur; lembur singkur mandala singkah: lembur nu jauh ka ditu ka dieu.
momonggor/monggor pasir nu rada handap sarta leuwih leutik.
muhara[b/] tungtung walungan di hilir, tempat patepungna walungan jeung laut atawa walungan leutik jeung walungan gedé.
[b]mumunggang/geger bagian gunung pangluhurna, tonggong gunung anu manjang.
pabuaran tempat bubuara matuh di tempat anyar. Anu ngumbara sok loba nu terus bubuara, tara balik deui ka lembur asalna.
padépokan/dépok kampung, patapan; patapan biasana ayana di nu suni.
padukuhan padumukan nu jauh ti kota; padusunan
padusunan pakampungan nu jauh ti kota.
pamakaman patempatan/wewengkon anu dipaké kuburan/astana.
pasir gunung leutik tur teu sabaraha luhur.
pasiringan pakampungan, padésan (asal tina siring: kampung).
ponclot/poncot bagian pangluhurna tina gunung, munara, jsb.; puncak.
puncak bagian gunung anu pangluhurna, atawa ponclot.
régol kampung nu pernahna aya sabudeureun gedong kabupatén beulah tukang.
reuma tanah darat urut huma anu keur direureuhkeun lantaran geus teu subur deui.
rorah cai ngocor sarupa susukan, ayana di leuweung.
sabang tanah darat nu dihapit ku dua walungan.
sagara ilikan laut.
sampalan tegal tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah.
sarakan/paku sarakan tempat lahir, lemah cai.
sawah tanah anu dipelakan paré, dikembeng, dikurilingan ku galengan.
sédong angkrong di sisi walungan di jero leuwi.
situ balong nu leuwih lega sarta rada jero.
somang jurang anu gurawés sarta jero.
sungapan tempat ngocorkeun cai ti walungan atawa solokan ka sawah, ka balong.
susukan solokan jalan cai beunang nyieun jelema.
talaga situ alam nu jadi ku manéh lain meunang nyieun jelema (upamana Talagawarna, Talagabodas).
taman/patamanan kebon kembang jeung tatangkalan séjén nu alus sarta lega.
tambakan bendungan panjang sarta rubak (tambakan balong); panahan cai balong, ayana di sakuriling balong. Mun di sawah mah ilaharna sok disebut galengan.
tanjung jojontor, tanah anu nyodor ka laut.
tarikolot tempat/daérah urut lembur, lembur nu tadina gegek imahna kaayaanana robah jadi coréngcang.
tegalan tanah lega sarta rata nu sabagian gedé pinuh ku jukut wungkul.
teluk bagian sisi laut anu ngelok ka darat, sabalikna tina tanjung.
tepiswiring sesebutan séjén keur pasisian atawa pilemburan.
tetelar tanah datar di tengah sawah nu teu kahontal ku cai, biasana sok dipaké pangangonan.
tipar pihumaeun méméh disasap atawa dipacul.
tonggoh tempat anu leuwih luhur ti batan tempat urang cicing.
tutugan suku gunung, bagian gunung beulah handap.
wahangan jalan cai anu jadi ku manéh, nyaéta walungan anu leuwih gedé batan solokan.
walungan wahangan gedé. Disebut ogé bangawan

(Kénging nyutat tina Pepernian Urang Sunda, Kiblat Buku Utama, 2005)

Ngaran Wanci
* Janari Leutik : Tabuh 01.00 – 03.00
* Janari Gede : Tabuh 03.00 – 04.30
* Balebat : Tabuh 04.30
* Carangcang Tihang : Tabuh 04.30 – 05.00
* Rebu-rebun : Tabuh 05.00 – 06.00
* Haneut Moyan : Tabuh 07.00 – 08.00
* Pecat Sawed : Tabuh 09.00 – 10.00
* Rumangsang : Tabuh 11.00
* Manceran : Tabuh 12.00
* Lingsir Ngulon : Tabuh 13.00
* Panon Poe Satangtung : Tabuh 15.00
* Tunggang Gunung : Tabuh 16.00 – 17.00
* Sariak Layung : Tabuh 17.00 – 17.30
* Sareupna : Tabuh 17.30 – 18.00
* Harieum Bengeut : Tabuh 18.00 – 19.00
* Sareureuh Budak : Tabuh 19.00
* Sareureuh Kolot : Tabuh 21.00
* Tengah Peuting : Tabuh 24.00

(Dicutat ti Unak-Anik Basa Sunda, ku Dedi S.Pd)

Sisindiran

Sisindiran asalna tina kecap ‘sindir’ nya éta ngomong henteu togmol tapi ku jalan dibalibirkeun, pikeun ngaragangan nu diajak nyarita, supaya omongan urang henteu karasa nyentug. Jadi nu disebut sisindiran téh nya éta kasenian ngaréka basa nu diwangun ku cangkang jeung eusi, pikeun ngedalkeun maksud anu henteu saceplakna bari dipamrih karesmianana (M.A. Salmun).

Sisindiran nurutkeun wangunna dibagi tilu, nya éta:
1. Wawangsalan/bangbalikan
2. Paparikan
3. Rarakitan

Nilik kana sipatna, wangun nu tilu éta mibanda tilu rupa sipat, nya éta: 1) silih asih, 2) piwuruk, jeung 3) sesebréd.

1. Wawangsalan/bangbalikan

Wawangsalan asal kecapna tina wangsal anu hartina wangsul, maksudna balik. Éta sababna wawangsalan sok disebut ogé bangbalikan anu asal kecapna tina balik.
Wawangsalan/bangbalikan nya éta hiji wangenan sisindiran nu diwangun ku cangkang jeung eusi sarta disatukangeun eusina mangrupa tarucing (tebakan).
Wawangsalan/bangbalikan dibagi jadi dua, nya éta:

1a. Bangbalikan lanjaran

Nya éta wawangsalan nu teu kauger ku patokan pupuh. Contona:
• Teu puguh monyét hideungna
Teu puguh tungtungna (lutung)

• Tepi ka kélor héjona
Tepi ka antukna (katuk)

• Teu beunang disupa dulang
Teu beunang dibébénjokeun (kéjo)


1b. Bangbalikan dangding

Nya éta wawangsalan nu kauger ku patokan pupuh. Contona:

Kinanti

Di Cikajang aya gunung, asa paturay jasmani
Kalong leutik saloa gedang
Kembang biru di astana, abot pisah jeung nu asih.


2. Paparikan

Paparikan asalna tina kecap ‘parik’ anu asalna tina “parek”, hartina deukeut. Anu padeukeutna téh nya éta sadana atawa sorana dina cangkang jeung eusi.
Paparikan diwangun ku opat pada, dua pada cangkang jeung dua pada eusi, unggal pada lobana dalapan engang.

Paparikan dibagi dua, nya éta:
1. Paparikan kawih, nya éta paparikan nu teu kauger ku patokan pupuh.

Contona :
Leuleupeutan leuleuweungan
Ngarah kékéjoanana
Deudeukeutan reureujeungan
Ngarah téténjoanana

2. Paparikan dangding, nya éta paparikan nu kawengku ku patokan nyieun pupuh.

Contona:
Kapinis ulah disumpit
Tangkal muncang ngarangrangan
Kembang kopi kembang kopo
Karungkang pucuk karungkang
Lampuyang cocongoan
Bawaeun ka Raja Galuh
Batu tulis di sakola

Nilik kana sipatna, paparikan téh bisa mibanda tilu rupa sipat, nya éta:
• Silih asih
• Piwuruk
• Sesebréd


3. Rarakitan

Rarakitan salasahiji wangenan sisindiran anu asalna tina kecap “raket” hartina deukeut, tapi raket mah maknana leuwih deukeut atawa dalit. Raket di dieu nya éta raket sora atawa sadana antara cangkang jeung eusi téh raket pisan.
Contona:
Kamana nya nyiar paying
Sakieu pana poéna
Kamana nya nyiar duyung
Sakieu panas haténa

Nilik kana sipatna, rarakitan mibanda tilu rupa sipat.

Nya éta silis asih, piwuruk, jeung sesebréd.



Purwakanti
Purwakanti nya éta sarupaning mamanis basa anu digunakeun kana sora boh vokal boh konsonan. Iskandarwassid (2003: 120) nétélakeun wangenan purwakanti sakumaha kaunggel di handap ieu:
“Purwakanti téh nya éta padeukeutna sada atawa sora kecap-kecap dina ungkara kalimah, klausa atawa prasa, utamana dina wangun ugeran (puisi); pernahna boh ngarandeg, ngajajar, horisontal (dina sakalimah, sajajar, sapadalisan) boh ngaruntuy, pértikal (antara jajaran, padalisan )”

Salmun (1936: 32-46) nétélakeun yén purawakanti dibagi-bagi jadi sapuluh rupa, éta purwakanti téh ngawengku:

1) Pangluyu, nya éta purwakanti nu ngaluyukeun sada atawa wianjana dina kecap-kecap.
Contona nya éta:
Nya jorok nya botrok (rok-rok)
Nu méncrang mani hérang

2) Maduswara, nya éta purwakanti anu mamanisna téh sora.
Contona:
Diri anu ngarasa nyeri (i-i)
Raga nu ngarasa lara (a-a)

3) Cakraswara, nya éta sora anu patukeur tempatna dina kecap.
Contona:
Hirup jeung hurip ( hirup-hurip)
Alus teu karana pulas (alus-pulas)

4) Laraspurwa, nya éta engang anu sarua sarta ayana di hareup, dina ngamimitian kecap.
Contona:
Numawi matak mandawa (ma-ma-ma)
Kolot-kolot kokorobet (ko-ko-ko)

5) Mindoan kawit, nya éta upama kecap anu murwakantina téh kecap-kecap anu panghareupna.
Contona:
Ulah sirik ka pangampih (ulah)
Ulah kabawa ku sakaba-kaba (ulah)

6) Mindoan wekas, nya éta upama anu murwakantina kecap lebah tungtung.
Contona:
Tong nuduh saméméh aya bukti (bukti)
Anu daékeun jeung anu sumakti (sumakti)

7) Laras madya, nya éta anu murwakantina di tengah.
Contona:
Nu hurung sariga layung (sariga)
Nu hérang sariga béntang (sariga)

8) Laras wekas, nya éta nu murwakantina di tungtung engang .
Contona:
Burudul ménak ti kidul (ul-ul)
Nyeri peurih geus kapanggih (ih-ih)

9) Margaluyu, nya éta anu biasana malikan deui kecap anu aya di tungtung ungkara diteundeun di awal ungkara
Contona:
Sing tapik ngawisik diri,
diri kudu diriksa
hadé luar jeung jerona,
jerona kabatinan

10) Mindoan kecap, nya éta maké kecap éta-éta kénéh dina hiji kalimah, tapi béda-béda hartina.
Contona:
Estu matak buntu laku, duméh dagang henteu laku.


Dicutat tina Skripsi Eka Herianto S.Pd.



Tidak ada komentar:

Poskan Komentar